Jumat, 02 Oktober 2015

Suatu Sore di Alun Alun Majalengka “kapungkur” tahun 1981




    Banyak kisah yang terekam oleh penulis waktu masa kecil dulu tentang Madjalengka kapungkur atau tempo doeloe.  Penulis lahir dan besar di kota ini seperti  kisah atau Cerita sedikit yang ditulis Dalam bahasa Sunda seperti ini;

 

Carita nu kahiji:

 

“Dina hiji sonten  tilu puluh tilu taun katukang tepatna sabelas maret taun dalapan hiji saperti nu aya tertulis dina poto. Taun sakitu mah kuring oge umur tujuh taunan tapi sanajan kitu kuring masih inget kaayaan jaman harita mulai ti rupa masjid, alun alun majalengka  jeung barudak nu sok maenbal di lapangan alun alun. Jiga anu aya dina gambar eta teh barudak Arfaco  campuran jeng barudak “Turki”  didieu lain nagara turki  tapi “turunan kidul” nyaeta barudak sukarame jeng sabuderannana. Ti palebah kalerna aya barudak pasantren jeung cibasale trus ti kulonna aya barudak pahlawan, barudak pasar balong Ciranca ,Depok , Garunggang jeung lain lainna. Eta barudak biasana sok ngahiji jadi sagrup majalengka kulon mun aya lawanna nyaeta majalengka wetan gabungan ti barudak kahutanan , barudak kaputihan( jigana awakna barodas kitu?)  barudak panglipur jeung sabudeuranna , der ! wae diaduken . Ku anehna biasana te make wasit da harita mah ngalatur jeng ideung sorangan. Hiji kaanehan lain mun Pertandingan maenbal kakara eureun lain tiupan wasit tapi mun kadenge sora nu ngaji di masjid , teu dikomando deui nu maenbal bubar balik kaimah masing masing. Sampai taun 90an nu maenbal masih keneh rame tapi Jaman kiwari alun alun majalengka geus robah  tos teu aya tiang gul paranti maenbal, sabagian lahan  jadi taman jeung ayeunamah reuhin ku nu dagang  . Masih aya nu maenbal tapi teu sarame  jaman harita barudak ayeuna mah lobana mending mojok di taman  alun alun  bari internetan make wifi gratis. Sakitu mapay mapay majalengka jaman baheula. Wassalam!  

 

  Carita Nu kadua ;

 

 

“Meni ngahudang kawaas, dina tahun  80-90an ari ngabuburit sok mirengkeun dongeng ti radio Arfaco ayena mah tos gentos janten Radio Indraswara

mangsana ua kepoh atawa mang jaya, tolok tok creng, da meni sepi jalan lembur teh kabeh ngadarangong hareupeun radio transistor anu sorana siga toa tea... da muhun leres kitu kaayaan na!

Tuda jaman harita mah teu kolot teu budak, teu mojang teu jajaka, kabeh hiburan

na saukur nu kitu mun te lalajo turi mah. te siga jaman kiwari loba hiburan dina tv swasta

Anu paling dipikaresep nyaeta lalakon sapertos “si Amran” , “si Rawing” jeung nu sejenna. Dongeng Si Rawing nyaritakeun ngeunaan Darma anu ceuli na rawing margi keuna kusabetan bedog Bah Bewok dina wanci gerombolannana narajang lembur. Nanging Darma disalametkeun ku saurang aki-aki anu namina Ki Debleng sarta akhirna jadi muridna dugi tumuwuh barobah kaayaan jadi jawara tangguh. Nanging Dongeng Si Rawing mangrupa dongeng paos, lami kanggo tamatna. Hilap deui dugi sabaraha warsih tamatna.  Jabi ti dongeng si rawing, aya keneh lalakon anu lianna. Sepertos Kasan Dara Sandra, Si Buntung Jago Tutugan, Doni Ajo, Ajag Bodas, Nyi Ganting sarta lalakon lianna

Mangga bilih uninga naon deuinya carita nu sanesna ????

Heuheu...iraha rek usum deui dongeng.....???



3 komentar: